Rabu, 15 Mei 2013

Just Get It

Fikmin#Just Get It#
Mod, ieu uing, Ratna. Hampura nya kakara datang deui. Ngalongkeang,  teu mawa kembang saehe-ehe acan.  Mawa ciherang hungkul meunang Ki Juhari bieu ngadu’a. Lain teu inget. Lain teu hayang. Panan maneh nyaho unggal isuk-isuk uing kudu mantuan Ema nganteurkeun gorengan ka warung. Pabeubeurang kalan-kalan uing mantuan Bapa mulungan palastik atawa botol akua sesa kariaan. Kasorenakeun bagean uing ngamen ti Cileunyi ka Cicaheum jeungeun eusi peujit jeung pulsa. Mimitina mah resep ngamen teh da bareng jeung si Vijay. Maneh inget keneh, pan, Mod, ka Si Vijay? Sugan uing teh enya we manehna bogoh ka uing. Unggal uing ngamen bareng teu weleh muji wae. Magar sora uing sada Anggun C. Sasmi. Duh, Mod. Uing sok asa ka sawarga dipuji kitu teh. Komo basa manehna balaka hayang ngawin ka uing.  Bati ngamen tara lebar sok disetorkeun ka Si Vijay. Cenah mah nambahan modal jeungeun kawin. Lain ngan ukur bati ngamen, hate uing, Mod, hate uing... Kabeh dibikeun ka manehna!  Emh, Mod. Poe ieu mah uing teu ngamen. Teu hayang! Nyata cintana lain jang uing wungkul gening. Kasampak teh keur duduaan we jeung si kurunyinyi Tika di Cicabe. Nyeri hate uing, Mod. Pajar geus diputuskeun tah randa peot teh. Mod, hampura uing kalahka minangsaraya ka maneh nu geus tenang. Uing sono ka maneh. Uing hayang panggih jeung maneh. Uing hayang ngadenge sora jeung papatah maneh. Nu sok ngadon ngusapan rambut bari ngupahan, “Just get your day. Just get it”.

Senin, 06 Mei 2013

Mari Kita Mulai Lagi dari Awal...


Ketika lulus dari suatu jenjang pendidikan bukan berarti berhenti belajar. Ternyata makin banyak yang dibaca, makin termangu-mangu dengan kebodohan diri. Makin banyak mengetahui sesuatu, makin sadar betapa sedikit yang dipunya. Pun saat lulus dari perguruan tinggi, makin sadar pentingnya terus belajar.
Ayo, belajar lagi. Jangan bosan. Jangan mudah putus asa. Belajar menjadi manusia yang berguna bukan saja untuk dirinya sendiri. Namun juga untuk keluarga, tetangga, saudara, bangsa, negara, juga agama...